LEUNGITNA NGARAN SUNDA DI TATAR SUNDA
Oleh Raden Wiraatmadja di SALAKANAGARA
Bubuka
Teu saeutik urang
Sunda anu can manggih hartina Sunda, kumaha mimitina, naon sababna disebut
Sunda, jeung teu sadar yen ngaran wewengkon Sunda teh sabenerna mah ayeuna geus
leungit deui. Can aya kacaritakeun inohong Sunda anu kabeuratan ku leungitna
ngaran wewengkon Sunda atawa Pasundan. Malah nepikeun ka ahli sajarah Sunda oge
lolobana lamun nulis buku anu eusina sajarah di wewengkon Sunda make judul Sajarah
Jawa Barat. Aya naon jeung kunaon nepikeun ka kitu, padahal eusina jelas-jelas
samemeh ngadegna Propinsi Jawa Barat, sedengkeun anu disebut Jawa Barat mah
henteu ngawakilan Tatar Sunda segemblengna.
Ieu tulisan teu aya
maksud pikeun mangaruhan NKRI, tapi sabalikna pikeun nguatkeun NKRI kudu aya
rasa silih ajenan jeung silih hormat ka indentitas masing-masing. Loba urang
Sunda nu ngarasa diteungteuinganan ku leungitna ngaran Sunda atawa Pasundan
sacara administratif. Memang masih aya keneh ngaran Tatar Sunda sacara de facto
anu ti waktu ka waku mangkin luntur. Ieu kanyataan teh ngahariwangkeun pisan,
lantaran geus kacontoan ku leungitna ngaran Sunda Kalapa nu pernah ngadeg
leuwih ti 10 abad. Lamun teu percaya bisa dicobaan, misalna lamun rek indit ka
Jakarta aya nu nanya “Bade ka mana ?” lamun di jawab “Bade ka Sunda Kalapa”,
tangtuna bae anu nanya teh bakal rungah-ringeuh atawa kerung.
Nujadi masalah dina
tulisan ieu lain nanaon, tapi perkara jati diri jeung eksistensi urang Sunda.
Memang ngarasa teu mernah aya etnis, aya budaya, aya bahasa tapi teu boga
wewengkon sacara de jure.
Asal Usul Ngaran Sunda
Ngenaan ngaran Sunda
sacara administratif teu aya hubunganna jeung terminologi geografis anu disebut
Greater Sunda (Sumatra, Jawa, Kalimantan, Sulawesi) jeung Lesser Sunda (Bali,
NTB, NTT). Ngan nu jelas mah nurutkeun sajarah, mimiti ayana ngaran Sunda anu
aya patalina jeung ngaran tempat nyaeta sabada peristiwa pindahna puseur
karajaan Tarumanagara ku Sang Purnawarman (raja katilu Tarumanagara) ti
Jayasingapura (dayeuh heubeul) ka dayeuh anyar nu dibere ngaran Sundapura,
hartina kota Sunda. Sedengkeun ngaran Sunda sorangan asalna tina bahasa
Sansekerta sudha atawa sundha nu pihartieunnana beresih, herang, murni, aya oge
nu ngahartikeun cahaya atawa cai. Eta kajadian teh di ahir abad kaopat, anu
dijieun dayeh anyar tempatna lewih ka palebah kaler batan deyeuh heubeul
ngadekeutan basisir. Saterusna Sang Purnawarman nyieun palabuan, ceuk dina
sajaarah mah nyieun palabuan teh ti 15 Desember 398 nepikeun ka 11 Nopember 399
Masehi, jigana eta palabuan teh saterusna nu disebut Sunda Kalapa tea. Eta
ngaran Sunda Kalapa oge ti saprak dinganti ngarana jadi Batavia ku Walanda teu
balik deui, malahan nu saterusna diganti jadi Jayakarta jeung Jakarta nepikeun
ka kiwari.
Sunda Jadi Ngaran
Karajaan
Taun 669 Masehi
Tarusbawa ngadeg jadi raja ngaganti mitohana Sang Maharaja Linggawarman, Raja
ka-12 Tarumanagara, aya dua kajadian anu penting dina sajarah Sunda. Kahiji
Tarusbawa nganganti ngaran karajaan Tarumanagara jadi Sunda Sembawa, hartina
tanah kabuyutan (nagri tanah leluhur). Kadua mindahkeun dayeuh ti Sundapura ka
wewengkon pagunungan, mun ayeuna mah nu disebut wewengkon Pakuan. Di dayeuh
anyar manehna ngawangun lima karaton nu ukuran jeung bentukna sarua dijajarkeun.
Masing-masing karaton dibere ngaran Sri Bima, Punta, Narayana, Madura jeung
Suradipati. Timimiti harita Sunda eksis jadi ngaran karajaan. Sedengkeun dayeuh
anyar tempat ngadegna lima karaton anu ngajajar jadi purwa daksi ngaran
Pajajaran.
Sunda Jadi Ngaran
Etnis
Can aya referensi anu
jelas ngenaan iraha mimitina disebut etnis Sunda. Tapi lamun nalungtik sajarah
katukang, jiganamah dimimitian ku ngadegna Sunda Sembawa. Sajarah sebutan etnis
Sunda nurutkeun panyawangan prosesna teu jauh beda jeung ngadegna karajaan
Sunda, ngan bedana lamun sebutan karajaan Sunda aya proses waktu anu tangtu
ngukuhkeun ngaran karajaan ku Tarusbawa, sedengkeun sebutan ngaran etnis Sunda
sacara alami. Jadi memang rada hese nangtukeun titik awalna, lantaran aya patula
patalina jeung khas budaya, adat istiadat, bahasa jsb. (jeung sajabana).
Wewengkon Sunda
Loba nu nganggap yen
wewengkon Sunda identik jeung wewengkon Jawa Barat baheula sememeh pisah jeung
Banten. Eta anggapan teh kaliru lantaran anu disebut Jawa Barat mah nyaeta
wewengkon anyar anu dijieun henteu nurutkeun indentitas etnis tapi nurutkeun
Undang-undang no.11 taun 1950.
Batas wewengkon Tatar
Sunda pelebah kaler, kidul jeung kolon mah teu hese maluruh lantaran
sakurilingna basisir. Ngan palebah wetan kudu ditalungtik dina sajarah sabab
batas Jawa barat lain batas wewengkon tatar Sunda.
Aya sababaraha
katerangan ngenaan wewengkon Sunda anu bisa keneh dipaluruh diantarana
katerangan sajarah ‘Tragedi Bubat’, perjalanan Bujangga Manik jeung waktu
ngadegna Prabu Gesan Ulun waktu dilantik jadi nalendra ahli waris Pajajaran.
Tempat kajadian
gugurna Raja Sunda Prabu Lingga Buana waktu nyumponan janji jeung Raja Majapait
Hayam Wuruk. Waktu harita raja Sunda jeung raja Majapait janji tepung di batas
nagri anu disebut Bubat pikeun ngalaksanakeun seserahan putri Diah Pitaloka anu
rek ditikah ku Hayam Wuruk. Ngan hanjakal Hayam Wuruk jalir kana janji, antukna
jadi musibah anu saterusna diabadikeun dina sajarah Sunda. Jadi lamun nurutkeun
kajadian eta, batas wewengkon Sunda palebah wetan nyaeta anu disebut Bubat.
Catetan perjalanan
Bujangga manik anu boga ngaran aslina Prabu Jaya Pakuan. Sanajan manehna jadi
salah saurang prabu tapi hirupna leuwih condong jadi resi. Waktu ngayakeun
perjaanan ngumbara mapay kabuyutan anu jadi puseur agama Hindu ka palebah wetan
nepi ka wewengkon Majapait jeung Bali, aya catetan perjalanan nu nyebutkeun
mentas Cipamali pikeun asup ka wewengkon Jawa. Ayeuna walungan Cipamali teh
mindeng di sebut kali Brebes jeung kaasup ka wewengkon Jawa Tengah. Eta dokumen
perjalanan teh ditulis dina daun nipah mangrupa puisi saloba 29 lambar, kiwari
aya di perpustakaan Bodleian, Oxford ti saprak tahun 1627 Masehi.
Waktu Prabu Geusan
Ulun Raja Sumedang Larang dilantik ku 4 Kandaga Lante ti Pakuan Pajajaran,
Geusan Ulun resmi jadi nalendra neruskeun Pajajaran anu batas wewengkonna ;
palebah kidul laut kidul, palebah kaler laut kaler, palebah kulon walungan
Cisadane (batas Sumedang Larang palebah kolon lantaran ti Cisadane ka kulon
geus jadi Kasultanan Banten), palebah wetan walungan Cipamali. Eta katerangan
batas wewengkon teh ayeuna oge masih bisa dibaca di makam Geusan Ulun Dayeuh
Luhur Sumedang.
Leungitna Ngaran Sunda
Sabada rungkadna
Karajaan Sunda Pajajaran, ngaran wewengkon Sunda mimiti leungit. Memang
Sumedang Larang ngawarisan Pajajaran ngan hanjakal geus teu ngawakilan Sunda
deui. Karajaan Sumedang Larang ngan ukur ngungkapkeun eksistensi Pajajaran
sacara emosional, yen Pajajaran henteu ludes pisan.
Ngaran Sunda kungsi
muncul deui dina taun 1947, waktu harita R.M. Soeria Kartalegawa anu samemehna
pernah jadi bupati Garut mroklamirkeun Republik Pasundan, jeung nu jadi wali
nagarana R.A.A.M. Wiranata Kusumah, malah kungsi ngalaman sababaraha kali robah
kabinet. Saenggeusna dibubarkeun dina tanggal 11 Maret 1950, ngaran Sunda anu
aya patula patali jeung tempat, leungit lebeng teu muncul deui nepikeun ka
ayeuna.
Ngadegna Republik
Pasundan ku Suria Kartalegawa pernah jadi polemik, jadi bahan adu argumen
antara Rosihan Anwar jeung Asep Sjamsulbachri. Rosihan Anwar nganggap yen
Soeria Kartalegawa tokoh penghianat, sedengkeun Asep Sjamsulbachri sabalikna.
Anu jadi masalah lain pasualan adu argumen, tapi kunaon ngadegna Republik
Pasundan jadi perkara sedengkeun nagara bagian nu sejen teu di ungkit-ungkit,
padahal waktu harita Indonesia teh nagara sarikat.
Hanjakal pisan ngaran
wewengkon Sunda anu geus pernah eksis kurang-leuwih 1000 taun leungit teu
kapuluk deui, jeung matak heran can aya kasebutkeun dina sajarah ti baheula
nepikeun ka kiwari inohong Sunda kabeuratan ku leungitna ngaran Sunda atawa
Tatar Sunda. Hese kahartina, berjuang nanjeurkeun nagara tapi mopohokeun kana
jati dirina, asa kuharianeun siga anu panuju pisan kana leungitna ngaran Tatar
Sunda.
Masalah sejen anu
ayeuna keur karandapan ku urang Sunda nyaeta perkara jatidiri. Umumna self
identity urang Sunda kurang kuat. Loba conto anu bisa dibandungan di mana-mana,
boh di Bandung anu kaasup salah sahiji puseur wewengkon Sunda kitu deui urang
Sunda nu ngumbara di manca nagara. Lamun nyambat atawa ngageroan kanu teu wawuh
malah kanu wawuh oge, bari jeung sarua urang Sunda loba anu make mas atawa mba
lain kang, a, ayi, teteh atawa ceu. Jadi wajar lamun nu sejen teu mirosea ka
Sunda da urang Sunda sorangan oge geus loba nu api lain.
Pasualan anu teu eleh
ngahariwangkeun nana, loba pisan nonoman Sunda nu teu apal kana sajarahna
sorangan. Sajaba ti eta hese neangan literatur sajarah Sunda, komo deui
literatur sajarah nu make basa Sunda. Kaayaan urang sunda kiwari bisa
disebutkeun katurug katutuh. Malah dina taun 2006 mah pernah geunjleung aya anu
ngakukeun Kekaisaran Sunda Nusantara. Ku maca judulna oge geus kacida pisan
salahna, pangakuanna patukeur jeung terminologi geografi. Hal ieu teh mere
indikasi yen maranehannana teu ngartieun kumaha karajaan Sunda sabenerna
baheula, ngan dikira-kira ku sawangan anu salah.
Lamun dibandungan
leuwih jauh, kaayaan Sunda ayeuna ibarat poe anu rek surup, anu tina waktu ka
waktu ngalaman erosi boh dina ngaran, sajarah, budaya kitu oge bahasa. Ngaran
Sunda Kalapa teu balik deui, ngaran wewengkon ngan tinggal pangakuan wungkul,
kana sajarah sorangan geus loba anu teu apal, geus loba anu teu daek make basa
sorangan, majarkeun teh cenah basa Sunda mah kampungan atawa alasan sejen anu
rada mernah, pokna teh era sieun salah. Komo kana tulisan mah, geus bisa
disebutkeun lapur, lantaran geus hese neangan anu masih keneh bisa maca jeung
nulis aksara Sunda.
Urang Sunda Kudu
Ngarobah Sikep
Handap asor, rengkuh
ka batur, someah ka semah, silih asih, silih asah jeung silih asuh anu geus
jadi filosof dina budaya Sunda sacara turun-tumurun. Jiganamah dumasar kana
filosofi eta urang Sunda ngajenan pisan ka pihak deungeun, jadi kaharti pisan
lamun urang Sunda loba ngelehan maksudna pikeun ngaragangan. Urang Sunda lamun boga
kahayang geus jadi kabiasaan leuwih tiheula sok ngaragap hate deungeun. Ieu
kanyataan ngalahirkeun sindiran filosof anekdot ‘mangga tipayun, mangga
ngiringan’.
Sabenernamah pasifatan
urang Sunda teu cocok ulubiung dina politik praktis di Indonesia, lantaran teu
biasa ngarempak adat anu geus jadi kabiasaan, sedengkeun dina politik praktis
loba pisan usaha terobosan baru jeung satekah polah nyingkirkeun lawan
politikna. Jadi urang Sunda anu ulubiung dina politik praktis di Indonesia
ibarat hirup di habitat sejen. Jadi kaharti lamun loba anggota wakil rayat di
DPRD Jawa Barat loba lain urang Sunda pituin.
Pikeun mertahankeun
eksistensi Sunda di Tatar Sunda, ti ayeuna ka hareup anu kasebut inohong Sunda
atawa anu boga pancen jadi pamimpin wayahna kudu bisa ngarobah sikep dina harti
positif jeung kudu mikirkeun akibatna. Lantaran ku saha deui Ki Sunda
dipertahankeun lamun lain ku urang Sunda Sorangan.
Dina kaayaan Tatar
Sunda ayeuna nu geus heterogen jeung pinuh ku persaingan, kudu ninggalkeun gaya
hirup model carita rayat Si Kabayan anu pamalesan, hirup sahayuna,
pinter-pinter bodo, gawena ngan ngorek ceuli di tepas imah, atawa Karnadi
Bandar Bangkong anu loba ngalamun, teu ngukur ka kujur jeung teu mikirkeun
akibatna.
Pikeun ngahudang rasa
patriot di Tatar Sunda, teu aya salahna lamun urang mieling jaman katukang. Aya
sababaraha urang tokoh Sunda anu salila hirupna toh-tohan ngabela harga diri
kasundaan saperti Lingga Buana, Surawisesa, Jaya Perkasa jeung nu sejenna. Ka
beh dieuna aya oge pamingpin Sunda anu ngabela rayat saperti Pangeran Kornel.
Eta kajadian sajarah anu atra figur kapahlawanana aya hadena jadi bahan
kurikulum di sakola utamana pikeun muatan lokal. Lantaran moal wanoh lamun teu
wawuh, moal aya rasa reueus kana kasundaan nana lamun teu apal kana sajarahna
sorangan.
Lamun generasi anyar
ayeuna teu dihudang deui kana jati dirina, teu mustahil dina waktu kahareup
anak incu bakal kaleungitan obor, ngan ukur bisa nyarita ‘cenah mah urang teh
katurunan Sunda’. Antukna Ki Sunda teh leungit ngan kari ngaran nu aya dina
sajarah wungkul, kitu oge lamun masih keneh aya literatur jeung sempet maca.
***
Daftar Pustaka
Anwar, H. Rosihan,
Ph.D. Negara Pasundan Versi Karta Legawa, Bandung : Pikiran Rakyat Edisi 12
Desember 2006.
Iskanadar, Yoseph.
1997. Sejarah Jawa Barat, Bandung : CV Gerger Sunten
Polisi Datangi Rumah
Aktivis Kekaisaran Sunda Nusantara : Kompas Edisi 24 Mei 2006
Sjamsulbachri, H.
Asep, Prof. Dr. Negara Pasundan Versi Karta Legawa, Bandung : Pikiran Rakyat
Edisi 8 Januari 2007
Wapedia, Bujangga
Manik
--
Tidak ada komentar:
Posting Komentar